Senin, 20 April 2015

Usmar : Tas Lumpat Masrahkeun Santunan Pikeun Budak Yatim



Sakurangna  aya 200 budak yatim se- Kota Bogor  narima  bantuan  operasional sekolah (BOS) anu dipasrahkeun langsung ku Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman di Lapangan Sempur, Minggu (19/), sabada ngalaksanakeun Bogor Heritage Run 2015. Numutkeun  Usmar kagiatan anu dilaksanakeun kacida alusna sabab minangka runtuyan tina  Bogor Heritage Run 2015.
“Saentas lumpat anu aya gunana pikeun kasèhatan awak, diteruskeun kana pamasrahan bantuan pikeun barudak yatim, anu raket palatine jeung batiniah. Asana tèh kacida lengkepna, “saurna. Banraun anu dipasrahkan kan barudak yatim anu dibina ku Yayasan Yatim Mandiri Bogor jumlahna Rp 40 Juta. Kagiatan ieu dilumangsungkeun ku Yayasan Yatim Mandiri kalayan dirojong ku Yamaha,  anu masrahakeun sidekahna. Inyana miharep, ku beuki lobana pihak anu malirè ka barudak yatim hususan ti pihak partikulir kacida hadèna, sabab teu sakabèh kagiatan  bisa dilaksanakeun ku Pamarèntah Kota Bogor. Sawatara èta, pupuhu kagiatan  Ali Rosyidi ngarasa bagya ku lancarna kagiatan èta. Inyana muhareo ku ayana Yatim Mandiri Bogor anu kakara 3 taun jalan ka opatna, beuki loba anu miluan  ngarumat barudak yatim. Salian masrahkeun bantuan ka barudak yatim, aya ogè kagiatan pangobatan gratis. Santunan anu dilaksanakeun semester sakali ieu, mangrupa agensa nasional Yayasan Yatim Mandiri anu dilaksanakeun babarengan di sakuliah Indonesia.
“Pikeun taun 2015,  dana anu dipasrahakeun ka dunya pendidikan  gedena Rp 4 milyar ngaliwatan 40 cabang kalayan jumlah yatim nu meunang santunan aya 15.000 urang,”sanggemna. (Rahmat/Yana/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar