Sabtu, 04 April 2015

Ngarojong #BogohkaBogor, Situ Gede Laksanakeun Sababaraha Kagiatan



Pikeun ngarojong program #BogohkaBogor, anu dihangkeutkeun ku Walikota Bogor, di Lapangan Heulang, Kacamatan Tanah Sareal sababaraha waktu kaliwat, Kalurahan Situ Gede anu dipingpin ku Andi SIP, ngalaksanakeun sababaraha program, diantaran fogging di RW 06 jeung RW 09, beberesih wahangan Cibenda di RW 03, sarta nguburkeun barang-barang urut anu geus teu kapakè, ogè ngahangkeutkeun Ronda di wewengkonna. Kagiatan ieu minangka gawè bareng jeung LPM Situ Gedè sarta RW tur RT di kalurahanna. Hal èta ditegeskeun ku Lurah Situ Gedè  mangsa fogging jeung ngubur barang-barang kurut, Saptu (4/5).
“Kagiatan ieu minangka gawè bareng jeung Lurah sarta  RW tur RW satempat,”ceuk Andi sawaktu ditanya ku Warta Basa Sunda mangsa keur ngalaksanakeun kagiatan.  Husus pikeun Ronda, sanggemna, minangka lèngkah pikeun ngungkulan ramèna bègal anu ayeuna keur maceuh di mana. Sallian ti èta, ayana ronda peuting, loba pisan gunana, lamun aya kajadian anu teu diharepkeun, atawa warga  Situ Gedè aya perlu bantuan, boh gering atawa rèk ngalahirkeun bisa mènta bantuan ka nu keur jaraga.  Program-program ieu, geus pasti meunang pangbagèa anu kacida hadèna ti  rèngrèngan  Lembaga Pemberdayaan Masyarakat (LPM) Situ Gedè sarta para RW jeung  RT-na. Numutkeun Ketua LPM Situ Gedè, Eman Sulaeman, dina urusan  pagawèan-pagawèan sosial jeung nu lianna,  Lurah Situ Gedè kawilang rancagè.
“Kawas ayeuna, sanajan keur perè atawa lain jam kantor, Pa Lurah turun langsung ngariksakeun kagiatan panyemprotan jeung nu lianna,” sanggem Eman.  Kalima sarupa ogè kaluat ti Ketua RW 03, Hamdani anu harita milu marengan kagiatan di RW sèjèn. Sakuduna, anu dipigawè ku Lurah  Situ Gedè ieu ditarurutan ku Lurah sèjènna. Sabab, ceuk Hamdani, lamun pamingpin turun langsung, salian ti nambah sumanget ka nu di handap, ogè bisa nganyahokeun pasualan-pasualan anu aya di wargana. (Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar