Sabtu, 18 April 2015

Rapat Panitia HJB, Muguhkeun Kagiatan Milangkala ka 533




Panitia Hari Jadi Bogor (HJB) atawa milangkala Bogor ka 533, anu dipingpin ku Asda dua, Toto M.Ulum, diwakilan ku Wakilna, Shahlan Rasyidi, sarta sekretarisna Encep Moch. Alhamidi, poè tadi, Saptu (18/4) ngalumangsungkeun rapat koordinasi pikeun anu kaduakalina di rohangan rapat 3 Balèkota Bogor, Jalan Juanda 10 Kota Bogor. Lamun dina rapat samèmèhna pikeun ngumpulkeun rupa-rupa kagiatan dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533, dina rapat anu ayeuna mah pikeun mastikeun tanggal jeung tempatna, sarta bisa dilaksanakeun henteuna.
“Rapat poè ieu pikeun mastikeun kagiatan anu bakal dilaksanakeun ku SKPD anu aya di Kota Bogor, event organizer sarta ti komunitas anu geus ngusulkeun kagiatan dina rapat samèmèhna,”saur Toto. Kepala Dinas Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) nètèlakeun yèn kagiatan nu geus disusun ku dinesna babarengan jeung EO, diantarana pagelaran seni, pameran (Bogor Expo) jeung helaran.
“Husu pikeun Bogor Expo anu bakal dilaksanakeun ti mimiti tanggal 28 Mei, geus aya 25 urang anu daftar, sarta rèrèana ti luar Bogor,”sanggemna. Sedengkeun pikeun hèlaran anu bakal dipiluan ku kalurahan, kacamatan, SKPD, pihak swasta sarta sababaraha komunitas jeung budayawan, nepi ka wanci kiwari keur diurus izinna.  Sawatara èta, Dines Kasèhatan Kota Bogor bakal ngayakeun operasi katarak, lomba balita sèhat, pamèran alat kasèhatan sarta nu sèjènna.  Sedengkeun Dines Pendidikan Kota Bogor, diantarana bakal ngalaksanakeun Seminar Ngabogor, SMA/SMK berzikir sarta kagiatan liana.
“Ngeunaan Saresehan Ngabogor, bakal ngondang ahli-ahli budaya boh ti Bogor jeung Jawa Barat, pikeun ngawangun karakter masarakat Bogor, hususna di dunia atikan sarta bakal dilaksanakeun dina tanggal 22 April 2015 di Gedong Harmoni Yasmin,”saur Sekretaris Dines Pendidikan Kota Bogor, M. Fahmi.  Ngeunaan lobana kagiatan anu bakal dilumangsungkeun ku unggal SKPD, Kacamatan, Kalurahan, pihak swasta sarta komunitas budaya sarta nu lianna meunang tanggapan hade ti pamilon rapat, Yadi Hungkul padagang pakèan Sunda di Bogor.
“Mugia wè bakal leuwih ramè, sarta loba nu mareuli pakèan Sunda jeung aserorisna,”teges Yadi. (Dadang HP)



Tidak ada komentar:

Posting Komentar