Yo .. ayo... kita semua belajar
menghitung ruas volume tabung
Hitung luas alasnya, lalu dikalikan dengan
tingginya
Jangan lupa eh – eh Bioporinya ... dst
Padalisan di
luhur mangrupa sabagian tina kawih Lubang Resapan Biopori anu unggal waktu
dinyanyikeun ku barudak SDN Polisi 4 Kota Bogor. Lagu ciptaan Kepala SDN
Polisi 4 Yayah Komariah ngahaja diajarkeun ka murid-muridna pikeun panyumanget
mangsa keur nyieun liang biopori. Numutkeun Yayah, lagu èta ngandung harti anu
kacida jerona, salian ti ngadidik barudak sangkan nyaah ka wewengkonna ogè
raket patalina jeung pangajaran anu diajarkeun di sakola.
“Jadi mangsa
barudak nyieun liang biopori anu lebarna 10 sentimeter sarta jerona 20
sentimeter, barudak kalayan teu langsung ogè diajar matematika,” sanggemna. Satuluyna, ceuk Yayah, liang ieu diasupan
runtah baseuh, diantepkeun lilana sabulan, bakal jadi kompos, pikeun pupuk. SDN
Polisi 4 sorangan nepi ka danget ieu geus nyieun sakurangna 50 liang biopori di
sisi wahangan Cipakancilan di Kalurahan Paledang Kacamaan Bogor Tengah.
Inyana ogè
negeskeun yèn lamun ngan saukur nyieun liang biopori wungkul bari jeung teu diurus sarta teu dieusian ku runtah
baseuh, kurang pati aya gunana. Saentas sabulan inyana nyaritakeun engkè bakal
panèn pupuk kompos.
“Kagiatan
ieu minangka pangwujudan tina program #bogohkaBogor
anu dihangkeutkeun ku Bapa Walikota Bogor,”tegesna. Yayah miharep program #Bogoh ka Bogor, lain ngan
saukur babasan jeung wawacan wungkul, tapi bener-bener dilaksanakeun. Di SDN
Polisi 4 sorangan geus lila dipraktekeun LISA singgetan tina Lihat Sampah Ambil,
ngamangpaatkeun barang-barang kurut anu geus kapakè jadi anu aya mangpaatna,
ngumpulkeun minyak jalantah pikeun
biodesel sarta ngalaksanakeun “penghijauan” di sakolana. Program ieu,
saurna, saluyu jeung harepan Pemkota Bogor dina ngajaga
kabersihan, sarta ngokolakeun taman kota (Iso/Dadang HP)



Tidak ada komentar:
Posting Komentar