Sataun Walikota Bogor Bima Arya jeung Wakil
Walikota Usmar Hariman mingpin Kota
Bogor, menang kado istimèwa nyaèta ayana
Bogor Green Room (BGR) anu diresmikeun dina Salasa (7/4) di rohangan rapat 3
Balèkota, Bogor. Numutkeun Bima yana BGR
mangrupa bagèan tina tarèkah anu tuluy tumuluy nuju Bogor Smart City (BSC). Salila ieu, sanggem Bima, aya sababaraha program anu
geus dijalankeun di Kota Bogor dina raraga ngawujudkeun BSC diantarana pajak
online, perijinan online jeung pangaduan
online.
“Rupa-rupa program anu geus dilaksanakeun èta mangrupa sistim pikeun ngalayanan masyarakat
sangkan leuwih cepet ogè pikeun
masarakat loba mibanda akses pikeun
komunikasi jeung pamarèntah,”saurna. Ayana BGR ieu, sanggem Bima, teu leupas tina panghargaan anu ditarima ku Pemkot
Bogor jadi juara kadua dina Indonesia Digital Society Award 2014.
“ Poè ieu kakara lèngkah munggaran, tapi kahareupna BGR ditargetkeun
bakal jadi puseur data anu ngawengku sakabèhna,”saurna. Inyana ogè negeskeun yèn bukti sakumaha
leutikna ogè lamun dikokolakeun kalayan hade jeung daria bakal jadi kawijakan anu hade. Pagawèan
imahna nyaèta kumaha ngajadikeun data
ieu sangkan bisa nyambung jeung kawijakan di lapangan. Bima ogè negeskeun yèn ayana teknologi teu
ngajadikeun urang kedul, tapi sakuduna jadi leuwih rajin turun ka lapangan, sangkan nyaho
kaayaan nu sabenerna. Sawatara èta, Prof. Suhono Harso Supangkat minangka pupuhu grup panalungtik Smart City ITB kacida
ngahargaana kana rojongan Pemkot Bogor dina ngalaksanakeun BGR.
Naon ari BGR?
BGR dimekarkeun minangka gawè bareng antara Telkomsel,
Telkom, LAPI ITB jeung Pemkot Bogor. Tujuanna
pikeun nyadiakeun data jeung informasi anu
akurat sarta tepat dina mangsana
anu bakal dijadikeun bahan nyieun kaputusan. Ku ayana BGR ieu, kayaan lalar liwat kandaraan
di sababaraha tempat bakal kanyahoan langsung kaasup mobilitas kandaraan pikeun
kapentingan balarèan kawas beus Trans Pakuan atawa mobil pemadam kebakaran anu
geus dipasangan GPS. Kahareupna BGR
bakal mibanda layanan digitalisasi informasi di Dinas Kesehatan; layanan
kapariwisataan kaasup karamèan
kauntungan tempat pariwisata; digitalisasi informasi di Dinas Pendidikan
ngawengku e-Learning atawa Learning
Management System; ngaronjatkeun panglayana bencana kalayan tepat mangsana jeung analisis kayaan panglayanan sarta
waragad anu diperlukeun pikeun PJU.
Sakabèhna bakal kawujudkeun dina bulan Mei nepi ka Juli tahun ieu. (Humas/Dadang HP)


der ah
BalasHapus