Mièling milangkala Bogor
anu ka 533, sajumlah SKPD di Pemkot Bogor, loba nyieun kagiatan anu raket
patalina jeung panglayanan. Diantarana Dinas Pendapatan Daerah anu ngahapuskeun
dengda tunggakan PBB pikeun warga Kota
Bogor salila 12 taun nyaèta ti mimiti taun 1992 nepi ka taun 2012 sarta
ngalaksanakeun Operasi Sisir. Sawatara èta Dinas Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif
bakal ngalaksanakeun Bogor Expo di GOR Pajajaran. Numutkeun Menurut Kadisbudparekraf Kota Bogor,
Syahlan Rasidi, nepi ka wangkid kiwari geus aya 170 pamilon anu bakal miluan
sarta 20 diantarana ti luar Kota Bogor.
“Para pamilon anu ti
luar Kota Bogor diantarana ti Aceh, Bangka Selatan, Sulawesi Tengah jeung Sumatera Utara sarta kota jeung kabupaten tatangga,”tegesna. Patali jeung
rencana ieu, Walikota Bogor, Bima Arya miharep sangkan Helaran anu bakal
dilaksanakeun dirarojong kalayan daria ku masarakat Kota Bogor. Unggal kacamatan
jeung kalurahan anu aya di Kota Bogor, bisa ngeprakeun wargana pikeun
mintonkeun kamonèsan anu aya di wewengkonna.
“ Kuring meredih sangkan
Kahareupna helaran bisa jadi panariik pikeun pariwisata di Kota Bogor,” sanggem
Bima. Salian ti Helaran sarta rupa-rupa
kagiatan seni jeung budaya Sunda, milangkala Bogor ogè bakal direuah-reuah ku
Lomba Getek jeung Ngubek Setu, sarta
lomba ngabodor sorangan (Borangan) pikeun Barudak SLTP, SLTA sa-Kota
Bogor, dina tanggal 10 Juni 2015 nu bakal datang. (gus/rahmat/dadang)

Hello I'am Chris !
BalasHapusI suggest you to publicize your blog by registering on the "directory international blogspot"
The "directory" is 20 million visits, 193 Country in the World! and more than 20,000 blogs. Come join us, registration is free, we only ask that you follow our blog
You Have A Wonderful Blog Which I Consider To Be Registered In International Blog Dictionary. You Will Represent Your Country
Please Visit The Following Link And Comment Your Blog Name
Blog Url
Location Of Your Country Operating In Comment Session Which Will Be Added In Your Country List
On the right side, in the "green list", you will find all the countries and if you click them, you will find the names of blogs from that Country.
Imperative to follow our blog to validate your registration.Thank you for your understanding
http://world-directory-sweetmelody.blogspot.com/
Happy Blogging
****************
Best Regards
Chris