Pikeun
nyiptakeun pamarentahan anu bersih jeung sabalakana atawa transfaran sarta
nyinglarkeun korupsi, Inspektorat Kota Bogor bakal ngalumangsungkeun sosialisasi
Zona Integritas dina poe jumaah (13/3) nu bakal datang. Hal èta ditegeskeun ku kepala
Inspektorat Kota Bogor, Edang Kendana mangsa dipanggihan di rohangan gawèna salasa beurang (13/3) Numutkeun Edang , Zona
Integritas nyaèta sesebutan atawa predikat
anu dibikeun ku Menpan jeung RB pikeun anu ngalakasanakeun pangkolaan pamarentahan jeung keuangan anu
alus tur beresih sarta mibanda wibawa. Kusabab kitu Inspektorat Kota Bogor
bakal ngamimitian ngadegkeun Zona Integritas anu lumaku pikeun sakabèh Organisasi
Perangkat Daerah ( OPD).
“Inspektorat
nyobaan ngamimitian ku cara nyieun Fakta Integritas anu geus diteken ku sakabèh karyawan
Inspektorat,” ceuk Edang. Inyana ogè negeskeun yèn mangsa ayeuna inspektorat keur mariksa ka instansi bari nyuratan ka
sakabèh instansi anu bakal dipariksa sangkan ulah barang bèrè ka staf
Inspektorat. Kagiatan ieu minangka salah sahiji tarèkah Inspektorat dina
ngamimitian sangkan sistem anu keur dijieun lumangsung lancar. Dina pamariksaan
èngkè, sanggem Edang, aya sababaraha
tingkatan kagiatan anu bakal dilaksanakeun,
dimimitian ku ketua tim terus dalmis
dipungkas ku Inspketotar pembantu (Irban) salaku wakil pananggungjawabna. Ku kituna,
Edang yakin pisan, moal aya lolongkrang pikeun ayana kongkalingkong antara nu
dipariksa jeung nu mariksa. Lamun tèa
dipanggihan kajadian anu teu diharepkeun, Inspektorat bakal nindak kalayan teges saluyu jeung aturan
anu lumaku nyaèta dumasar PP 53 tahun
2010 ngeunaan disiplin pagawè. Ngeunaan
rencana sosialisasi Zona Integritas ieu para pamilonna
sakabèh Sekretaris Badan, Dinas, Sekcam
jeung Seklur sarta panyaturna ti Kementrian Aparatur Negara
jeung Reformasi Birokrasi RI anu bakal nepikeun eusi Peraturan Mentri No 52
Tahun 2014 ngeunaan Pedoman Pembangunan
Zona Integritas menuju Wilayah Bebas Dari Korupsi jeung
Wilayah Birokrasi Bersih sarta Melayani di lingkungan Instansi Pemerintah.
(Tria/Lani)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar