WartaBasaSunda. Bogor. Pupuhu Panitia Milangkala Bogor ka 533
Sentradaksa Bogor, Tjetjep Thoriq negeskeun yèn sakurangna aya 5 acara kagiatan
budaya anu bakal dipintonkeun dina raraga ngareuah-reuah milangkala Bogor. Hal èta
ditegeskeun Tjetjep mangsa rapat koordinasi di Sekretariat Perkumpulan Budaya
Sentradaksa Bogor, Gedung Nipodenso, Jalan Kedunghalang Talang Kota Bogor,
Salasa (24/4)/ Numutkeun anjeunna, 5 kagiatan èta nyaèta Pawèy Budaya, Pentas
Budaya, Pawèy Obor, Babakti jeung Babagi Totopong.
"Insya lamun rea anu ngarojong milangkal Bogor ka 533 bakal leuwih rame," saurna
(DHP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar