Pikeun ngaronjatkeun
panangtayungan ka kaum hawa jeung barudak. Sekretaris Daerah kota Bogor, Ade
Sarip Hidayat babarengan Ketua TP PKK Kota Bogor Yane Ardian, Kepala BPMKB kota
Bogor Fetty Qondarsyah sarta Ketua
P2TP2A, Iyus ngalumangsungkeun rapat di
rohangan rapat Sekda Kota Bogor, Senin (16/3). Dina rapat èta aya sababaraha
pasualan anu disawalakeun diantarana sinergitas jeung paningkatan sumber daya manusia, boh kualitas
jeung kompetensi sarta rasa mibanda kana organisasi. Salian ti èta Ade Sarip ogè meredih ka BPMKB sangkan remen turun ka handap hususna kalurahan
pikeun ngayahokeun kayaan nu sabenerna.
"Kusabab kacida dibutuhkeunna, Pemkot
Bogor bakal ngarojong boh ngeunaan anggaran, prasarana atawa kawijakan ka P2TP2A.
ku ayana rojongan ieu, diharepkeun kajadian-kajadian salila ieu lumangsung bisa
disinglarkeun. Tur P2TP2A bisa jadi tempat panyalindungan jeung pangaduan eusi
hatè masarakat," sanggem Ade.
Inyana ogè kacida
nganuhunkeunna ka sakumna ibu-ibu pengurus
P2TP2A anu geus kacida getènna ngalaksanakeun pagawèanna sanajan prasarana anu
aya kawilang kawates pisan. Ade mihaep dua minggu saentas pasamoan èta aya
paningkatan boh dina kapengurusan, program, kaasup SOP-, saranan, sangkan
leuwih bisa dirasakeun ku masarakat. Hal anu sarupa ogè ditepikeun ku ketua Tim Penggerak PKK Kota Bogor, Yane
Ardian. Yane kacida ngarojongna anu geus
dipigawè ku P2TP2A. (Lani/Tria/dhp)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar