Jumat, 20 Maret 2015

Ngaraketkeun Silaturahmi di Kebon Raya Bogor



WartaBasaSunda


Mangrèbu-rèbu anggota TNI  jeung  Polri sarta masarakat, Jumaah isuk  ngalumangsungkeun jalan santai jeung  senam  babarengan di Kebon Raya Bogor (KRB).  Maranèhanna leumpang jauhna kurang leuwih 5 KM dipungkas di  Kebon Kembang, sajeroeun KRB kènèh. Mereka berjalan kaki sekitar 5 km dan finish di Taman  Bunga. Kagiatan ieu dibuka ku Koordinator Wilayah Kepolisian  Bogor, Brigadir Jendral Polisi  Drs., Aneka Pristafuddin MH  disaksian ku Danrem 061 Bogor Kolonel Infrantri Fulad, Dandim Letkol. Rahkmat Santoso, Wakil Walikota, Usmar Hariman, Bupati Bogor, Nurhayanti SH Kapolres Kota, AKBP Irsan  sarta  Sekretaris Daerah Kota, Ade Sarip Hidayat. Salian ti èta ogè aya inohong masarakat jeung  rèngrèngan Muspida sa-Wilayah Bogor.  Dina bèantarana,  Aneka Pristafuddin negeskeun yèn jalan santai  jeung  senam  èta, minangka  salahsahijicra pikeun ngaraketkeun tali silahturahmi tur ngawangun  dan membangun sinergitas TNI, Polri  sart Masyarakat.
“ Kagiatan ieu kacida pentingna dilaksanakeun pikeun ngawangun kapecayaam masarakat sarta nyiptakeun kamtibmas anu kondusif di wilayah Bogor,”saurna. Sawatara èta, Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman, kacida ngarojongna kana kagiatan èta, sabab bisa jadi wadah pikeun ngawangun kasadaran  pikeun ngajaga stabilitas nasional diantara TNI,  Polri jeung masyarakatna.  Dina kagiatan èta sakurangna 650 personil TNI ,  432 Polri ditambah 221 anggota masarakat ngalabring.  Saentas gerak jalan  jeung  senam bersama, kagiatan dituluykeun ku rupa-rupa kamonèsan sèjènna, tarik tambang, joged beregu dan joged balon  jeung pangbagian doorprise. (Humas/dhp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar