WartaBasaSunda, Bogor
Sakola Insantama Kota Bogor nepikeun ngeunaan Latihan Kepemimpin Manajemen Akhir (LKMA) taun 2015 mangsa ngadeuheus ka Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman di Balèkota, Selasa (17/3). Dina kasempetan èta, Direktur Kesiswaan Yayasan Insantama, Karebet Widjayakusumah ngajelaskeun yèn jumlah utusan Insantama anu bakal milu LKMA ka Jepang jumlahna 72 urang, 63 urang murid dibarengan ku guru jeung kolotna.
”Sakola Insantama bakal nerapkeun teori Islam dina widang kapamingpinan tur upami henteu janten wagelan seja ngulem Bapa Walikota sinareng Wakil Walikota tiasa ngaluuhan waktos miangna ka Jepang,”sanggemna.
Salah saurang siswa Insantama, Muhmmad Akbar Ahmad Mujaddad ngajèntrèkeun ngeunaan pentingna LKMA dina diajar kapamingpinan ku ngagunakeun basa Inggris, Jepang dan Arab. Inyana ogè nyaritakeun pangna dijara ka Jepang tèh, kusabab di dinya aya 11 Universitas pangalusna di dunya.
“InsyaAllah, kuring sarèrèa bakal jadi bagèan ti 11 universitas èta, ”tegesna.
Sedengkeun Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman, nètèlakeun sistem diajar ayeuna kacida bèdana jeung 15 taun kaliwat, mangsa dirina keur tolab èlmu di SMA.
“Kaayaanna bèda pisan, mun meunang sirik mah nya kuring sirik pisan. Di mangsa ayeuna mah, barudak sakola tèh dirojong ku èlmu jeung teknologi anu luhur, nepi ka bisa dijara èlmu naon waè,”tegesna. Usmar miharep sangkan barudak sakola bisa mangpaatkeun sagala rupana pikeun ngahontal prestasi tur nyinglarkeun anu kurang hade. Inyana miharep ka sakur barudak sakola, bisa jadi pamingpin, sakurangna di imah sorangan sarta di sabudeureunna. Dina acara èta, Wakil Walikota Bogor dibarengan ti perwakilan Dinas Pendidikan Kota Bogor, Jajang Koswara sarta wawakil Forum Orangtua Siswa (FOSIS).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar