Senin, 23 Maret 2015

Gerakan#Bogoh ka Bogor, Ramè di Media Sosial




Gerakan #BogohKaBogor anu geus dihangkeutkeun di Lapagan Heulang, Tanah Sareal Kota Bogor, Ahad isuk (22/3) meunang pangrojong ti balarèa. Loba warga anu nyikepan cukup alus dina media sosial, hususna  akun twittwr,  ku jalan ngasupkeun foto-foto kagiatan  dibarengan hastag #BogohKaBogor . Samèmèhna, Walikota Bogor,Bima Arya nuliskeun umajak dina akun @BimaAryaS “Buktikan cintamu pada kotamu, lakukan hal yg inspiratif, sarta langsung dibagikeun ku  #bogohkabogor”.
“Ngahaja dikirimkeun sangkan bisa umajak ka nu lian,”sanggem  Bima Arya. Teu lila ti harita salah saurang warga,  Ficky Noer Firdaus (@vickyaphakhe), buru-buru  nyieun liang biopori  bari ngirimkeun fotona  #IniAksiku buat lubang Biopori”.  Kagiatan sarupa ogè dipigawè ku Indra Kuswara,  ngirimkeun foto jeung babaturanna dina akun (@kabayanteaa) anu keur beberesih di buruan  underpass IPB.  Indra ogè ngirimkeun  poto jalma anu keur ngaluncatan pager  wates jalan mangsa keur ramè ku kandaraan bari nyebutkeun  “ini selain tidak cinta bogor, juga tidak cinta diri sendiri”. Kitu ogè murid  SMA Plus YPHB, ngirim dina akun @OSIS234A, anu keur miceun runtah “Ngadamel biopori, selfie srg Kang Bima& Jajaka Bogor, Nepangkeun ti SMA YPHB #bogohkabogor”.  Tapi ngeunaan  #BogohKaBogor ogè meunang pangèling-ngèling ti Reva Prasetya dina akun @HoolGad “Jangan bersih-bersih hanya untuk menang #Adipura, tapi bersih karena memang sudah seharusnya.  Eta kakara  bener-bener #bogohkabogor”. Sawatara èta Kabag Humas Pemkot Bogor, Encep Moh. Ali Alhamidi  nepikeun pesen dina akun @KangEncep yèn “Gerakan #bogohkabogor mangrupa pangesean adalah penegasan tina kagiatan beberesih dina unggal  Jumaah jeung Ahad di 68 kalurahan. Inyana ogè umajakka sakumna warga Kota Bogor di mana waè ayana, sangkan miluan akun resmi Pamarèntah Kota Bogor, nyaèta @PemkotaBogor. (Humas/DHP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar