WartaBasaSunda.
Lawon sèsa ngajait atawa perca, tètèla bisa
dimangpaatkeun tur bisa nambahan panghasilan kulawarga. Salah sahijina sakumaha
anu lumaku di bumi Ketua RW 08 Kampung Buntar, Kelurahan Muara Sari, Kota Bogor. Ketua
TP PKK Kota Bogor Hj. Yane Ardian terjun langsung ngalatih ibu-ibu pamilon program P2WKSS, pikeun nyieun bros
tina bahan lawon-lawon sèsa. Inyana miharep kahareupna, Kampung Buntar bisa
jadi Kampung Perca, kusabab loba wargana nu ngamangpaatkeun pamiceunan lawon
jadi barang-barang anu ngahasilkeun duit. “Jadi anu biasana ku tukang jait
dipiceunanm ayeuna mah bisa dijieun barang-barang anu aya hargaan,”sanggem
Yane. Sawatara èta, Kepala BPMKB Kota
Bogor, Fety Qondarsyah nètèlakeun yèn ibu-ibu warga Kampung Buntar bisa latihan
kaparigelan nu lianna, disaliyukeun jeung kahayang tur potensi anu aya di
wewengkonna. Nu pangpentingna, ceuk
Fety, kaum ibu bisa macakal jeung nambahan panghasilan kulawargana. Kagiatan
anu dialpukahan ku BPMKB Kota Bogor ieu disaksian ku Lurah Muarasari, Daden Hidayat
sarta Ketua TP PKK Kecamatan djeung Kelurahan.(Humas/dhp)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar