PT Dayamitra
Telekomunikasi anu mangrupakeun anak
pausahan ti PT Telkom ngadeuheus ka
Sekda Kota Bogor Ade Sarip Hidayat di Rohangan
Rapat Sekda, Balaikota Bogor, Senen (9/3). Tujuan pausahaan ieu salah sahijina
pikeun ngaoptimalkeun palayanan selular di Kota Bogor. PT Dayamitra ieu diwakilan ku Indra Bawono minangka Project Planning anu usahana dina
ngawangun infrastrutur salahsahijina tower. Dina kasempetan èta Indra,
nawarkeun rencana gawè bareng hususna pamasangan pole-pole pikeun
ngagantian tihang Penerangan Jalan Umum
(PJU) anu dilengkepan ku kamera CCTV. Tihang-tihang
ieu dimaksudkeun pikeun ngaleungitkeun wewengkon taya sinyal (blank spot area)
di wewengkon Kota Bogor.
“ Pamasangan tihang anu dilengkepan ku kamera
CCTV kalayan henteu langsung bisa ngariksakeun kagiatan lalu lintas ogè mantuan kaamanan di sabudeureunna, Kitu
ogè tujuan pausahaan pikeun ngaoptimalkeun panglayanan nelepon bisa saluyu
jeung konsep Smart City Kota Bogor,”
ceuk Indra. Rencanana bakal dipasang 150 tempat anu kawilang srategis,
tur bakal ngagunakeun Fiber Optic (FO) di jero taneuh, kukituna teu perlu kabel
di luhur. Sakabèh waragadna ditangkes ku PT Daya Mitra. Sekda Kota Bogor, Ade
Sarip nyebutkeun yèn patali jeung
rencana èta kacida alusna tapi tangtu sakabèh anu bakal dilaksanakeun kudu aya
mangpaatna pikeun masarakat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar