Jumat, 20 Maret 2015

DKP Ngalaksanakeun Pamiaraan Taman jeung Tatangkalan



WartaBasaSunda,Bogor.   3 lokasi anu bakal jadi  puseur perhatian dina pamiaraan taman jeung kabersihan lingkungan. Hal èta dijelaskeun Erwin di kantorna, di Jalan Paledang Jumaah (20/3). Anu dimaksud ku anjeunna nyaèta sababaraha taman di  Jl. Dadali, Jl. Ahmad Yani  sarta Lapangan Heulang,
Kasi Pemeliharaan Pertamanan di Bidang Pertamanan DKP Kota Bogor, Erwin Gunawan negeskeun sakurangna aya
 “Kagiatan parawatan taman ini  sabenerna dilaksanakeun unggal poè, tapi pikeun poè ieu dihususkeun di tilu lokasi tadi,”ceuk Erwin. Tarèkah pikeun ngarawat taman bakal dimimitian ti jam 07.30, ku jalan ngalibetkeun 40 urang patugas, dua treuk minangka gawè bareng jeung widang Kabersihan sarta  Penerangan Jalan Umum.  Sakurangna dua tangkal angsana  anu geus dianggap koropos dituar ku patugas DKPS. Kagiatan panuaan ieu pikeun nyinglarkeun bahla, sakumaha anu geus kajadian di hareupeun Kantor Telkom di Jalan Pajajaran. (Tim Humas/dhp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar