Lantaran loba kènèh para pangrajin jeung padagang batu akik
nu daratang dina mangsa pamèran rèk
ditutup, ahirna pamèran batu akik anu dilumangsungkeun di bumina HRM. Setia
Budi, Jalan Raya Puncak Ciawi (payuneun
Gedong YPI) Kacamatan Ciawi Kabupaten Bogor, waktuna ditambahan nepi ka poè
Rebo (2/4). Hal èta ditegeskeun ku
panaratas acara, Setia Budi di bumina , Ahad (29/3). Numutkeun Budi, tadina mah
kagiatan silaturahmi jeung pameran
pangrajin, padagang jeung nu mikaresep batu akik tèh, bakal ditutup dina
poè Ahad ayeuna, ngan kulantaran loba pangrajin jeung padagang anu merul, sarta
nu mareulina beuki loba, ahirna waktuna dipanjangan nepi ka poè Rebo nu bakal datang.
“Tadina mah kagiatan ieu tèh
rencanana leuleutikan ukur sa-Kacamatan Ciawi, tapi tètèla nu daratang beuki
loba, ogè rèa anu ti luar kota,”ceuk Budi. Ayana panambahan ieu, meunang
panghargaan ti inohong Bogor, H. Endang Kosasih. Numutkeun Endang ayana
panambahan waktu nandakeun anu ditaratas ku Budi hasilna kawilang alus, komo deui nu daratang
jeung nu dagang beuki dieu beuki loba. Endang ogè muji kana kabalabahan Budi
anu nyadiakeun tempat kalayan gratis, ogè fasilitas sèjènna.
“Terus terang kuring mah ngarasa salut
jeung angkat topi kana tarèkahna Kang
Budi anu boga gagasan ngalaksanakeun
pameran bari jeung waragadna tina kantong sorang,”teges Endang. (Dadang
HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar