WartaBasaSunda, Bogor. Tim Panegak Peraturan Daerah (Gakperda) Satuan Polisi
Pamong Praja (Satpol PP), ngabongkar tower
mono poll anu aya di hareupeun ruko di wewengkon Jalan Mayor Oking,
Kelurahan Cibogor, Bogor Tengah, Kota Bogor, Kemis (26/3/2015). Tower bogana provider Bolt èta , kanyahoan teu
mibanda izin atawa bodong.
Samèmèh
ngabongkar dina jam 10.00. patugas macakeun
berita acara palaksanaan pangbongkaran wangunan tower nomer 502/19-Gakperda/III/2015. Saterusan
kandaraan alat beurat jinis crane diturunkeun pikeun ngabongkar tower anu luhurna kurang
leuwih 20
meter.
Kasatpol PP Kota Bogor Eko
Prabowo nètèlakeun
wangunan tower èta geus ngarumpak Perda 14/2008 ngeunaan Penyelenggaraan Menara jeung Perda 7/2006 ngeunan Bangunan Gedung.
" Mangsa disegel bulan September kaliwat, tower ieu
can aktif. tapi saentas dipariksa deui segelna geus dicoplokeun sarta towerna aktif. Ieu jelas
ngarumpak aturan kawilang beurat,” sanggem Eko. Dina kagiatan pangbongkaran èta, Satpol PP
Kota Bogor, nurunkeun 2 pleton atawa 40 urang patugas sarta mèakeun waragad Rp 12 juta. Pikeun sawatara waktu beusi tower disita tur
dibawa ka Kantor
Satpol PP pikeun ngadagoan proses satulutna saluyu jeung
aturan anu lumaku.
(Lani/Tria/Dadang
HP)


mangga..
BalasHapus