Jumat, 27 Maret 2015

Tower Bodong di Jalan Mayor Oking Dibongkar Satpol PP



WartaBasaSunda, Bogor. Tim Panegak Peraturan Daerah (Gakperda)   Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP), ngabongkar  tower mono poll anu aya di hareupeun ruko di wewengkon Jalan Mayor Oking, Kelurahan Cibogor, Bogor Tengah, Kota Bogor, Kemis (26/3/2015). Tower bogana provider Bolt èta , kanyahoan teu mibanda izin atawa bodong. Samèmèh ngabongkar dina jam 10.00. patugas macakeun  berita acara palaksanaan pangbongkaran wangunan tower nomer 502/19-Gakperda/III/2015.  Saterusan  kandaraan alat beurat jinis  crane diturunkeun pikeun ngabongkar tower anu luhurna kurang leuwih 20 meter. Kasatpol PP Kota Bogor Eko Prabowo nètèlakeun wangunan tower èta geus ngarumpak Perda 14/2008 ngeunaan Penyelenggaraan Menara  jeung  Perda 7/2006  ngeunan Bangunan Gedung. 
 
" Mangsa disegel bulan September kaliwat, tower ieu can aktif. tapi saentas dipariksa deui segelna geus dicoplokeun sarta towerna aktif.  Ieu jelas   ngarumpak aturan kawilang beurat,” sanggem Eko.  Dina kagiatan pangbongkaran èta, Satpol PP Kota Bogor,  nurunkeun 2 pleton  atawa 40 urang patugas sarta mèakeun waragad Rp 12 juta.  Pikeun sawatara waktu beusi tower disita tur dibawa ka Kantor Satpol PP  pikeun ngadagoan proses satulutna saluyu jeung aturan anu lumaku. (Lani/Tria/Dadang HP)



1 komentar: