Jumat, 20 Maret 2015

Bogoh ka Bogor, Tarèkah Ngaronjatkeun Kacintaan ka Kota Bogor



WartaBasaSunda, Bogor.Minggu  isuk, 22 Maret 2015, Pemkot Bogor bakal ngabèwarakeun  Program “Bogoh Ka Bogor” pikeun ngaronjatkeun kacintaan warga ka kotana sorangan. Rencanana, program ieu bakal dibuka ku Walikota Bogor, Bima Arya tur dipiluan ku sakurangna, 1500 urang warga Kota Bogor. Hal èta ditegeskeun ku Sekda Kota Bogor Ade Sarip Hidayat mangsa ditepungan di rohangan gawèna, Jumaah (20/3). Numutkeun Ade, kagiatan Bogoh ka Bogor bakal dilumangsungkeun di Lapangan Heulang, Kacamatan Tanah Sareal Kota Bogor.
“Tujuan Bogoh ka Bogor nyaèta umajak ka sakumna warga Kota Bogor pikeun turun langsung, miara jeung ngajaga lingkungan sakurangna di lingkungan sèwang-sèwangan, diantarana teu miceun runtah sagawayahna”tegesna.  Ceuk Ade, kasangtukang program ieu, kusabab panilèyan ka Kota Bogor pikeun Adipura masih kènèh kurang. Sakurangna kudu meunang 73, sawatara ieu kakara 71. Inyana miharep pisan ka ayana pangrojong ti masarakat, sabab pastina moal bisa ngawujud lamun teu dirarojong ku masarakat. Bèh dituna, sanggem Ade, lain ngan saukur beberesih wungkul, tapi ngawujudkeun kacintaan, ngaronjatkeun rasa sabanda sarikas kana fasilitas umum anu aya di Kota Bogor. (Iso/dhp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar