Kamis, 19 Maret 2015
Panglayanan Disdukcapil Dieureunkeun Sawatara Waktu
Dines Kependudukan jeung Catatan Sipil Kota Bogor, pikeun sawatara waktu teu bisa ngalayanan masarakat anu bakal nyieun jeung merlukeun dokumen kapandudukan. Hal èta ditegeskeun ku Kepala Dukcapil Kota Bogor, Dody Achdiat. Numutkeun Dody, pangna dieureunan kusabab ti mimiti poè kamari, jaringan on linena kaganggu.
“Panglayanan ka masarakat bakal bisa dilaksankeun deui dina poè Senen tanggal 23 Maret 2015,”tegesna. Inyana miharep sangkan masarakat henteu daratang ka kantor Dukcapil, tapi pikeun anu geus nepi mah, paling ogè ngan saukur dibèrè kartu antrian wungkul, panglayanan mah, angger wè bisana dina po Senèn.
“Kuring neda dihapunten ka masarakat Kota Bogor ku ayana kajadian ieu,”pokna daria.(humas.dhp)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar