Walikota Bogor, Bima Arya meredih
ka Kepala Dinas Pendidikan Kota Bogor,
Edgar Suratman pikeun maluruh ayana laporan ti masarakat patali ayana pabèdaan
angka di dakol jeung angka saentas diasupkeun (up load). Hal èta ditegeskeun
Bima mangsa ngalaksanakeun pangawasan ka Dines Pendidikan, Salasa (6/7). Aya
pabèdaan ieu, sanggem Bima, bisa ku rupa-rupa pasualam, naha bèdana tèh
disanankeun di Pustekom jeung Provinsi
atawa aya kasalahan teknis, atawa aya kongkalikong di jerona. Dijelaskeun ku
inyana, parobahan angka ieu kajadianna bisa ogè mangsa keur dikolektidkeun
leutik tapi saentas “diupload” jadi gedè.
“Saentas dipariksa, teu mungkin
kajadianna di dieu (Dines Pendidikan Kota-red) anu ngarobahna, sabab anu bisa
ngarobah ukur di provinsi, kusabab anu bisa asup kana sistemna ukur di
provinsi. Di dieu mah teu bisa asup kana sistimna,”teges Bima. Kusabab kitu,
pasualan ieu bakal dipaluruh heula.
“Tapi tangtuna saentas aya Surat
Keputusan Hasil Ujian Nasional (SKHUN) kalayan nilèy anu diupload anu pamungkas.
Lamun henteu saluyu, kakara dipaluruh,”pokna daria. (Tria/Lani/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar