Rabu, 08 Juli 2015

Dines Pertanian Kota Bogor Ngajamin Daging anu Sumebar Halal



Kepala Dines Pertanian Kota Bogor, Azrin Syamsudin nètèlakeun yèn ampir sabagèan masarakat Kota Bogor raresepeun daging beku  tibatan daging seger. Daging beku ieu lolobana dijual di pasar modern, sarta asalna ti Jawa Timur, sakumaha anu dijualan di Pasar Bogor.  Hal èta dicaritakeun Azrin basa babarengan  Wakil Walikota Bogor, jadi panyatur di Radio Sipatahunan, sababaraha waktu kaliwat.
 “Pikeun ngurangan resiko neuli dagung seger aya sababaraha cara, nyaèta ku jalan meuli daging anu digantung,”ceuk Azrin. Sawatara ngeunaan halal dina cara motongna, inyana negeskun yèn masarakat ayeuna geus kacida palintena, pikeun èta  Dinas Pertanian Kota Bogor sorangan gawè bareng jeung Badan Litbang Pertanian  geus remen pisan mere pendidikan jeung pelatihan boh dina cara  ngurus sato jeung kasèhatan  daging  saentas dipeuncit. Azrin ogè ngajamin ngeunaan daging-daging anu sumebar di Kota Bogor, sakabèhna halal. Sawatara èta, Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman ngajelaskeun yèn RPH di Kota Bogor geus meunang ISO
“Jadi ti mimiti dipeuncit jeung saentasna geus meunang label halal ti MUI,”tegesna. (rahmat/  ARW/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar