Rabu, 01 Juli 2015

BJB Cab. Bogor Nyumbang Beus Pariwisata ka Pemkot. Bogor



Bank Jabar Banten Cab. Bogor  masrahkeun bantuan anu mangrupa beus pariwisata ka Pamarentah Kota Bogor, sarta lagsung ditarima ku Walikota Bogor, Bima Arya di rohangan Walikota, Salasa (30/60.  Bantuan beus anu sumberna tina Corporate Social Responbility (CSR)  gedèna Rp 900 juta, sarta dingaranan Botram.
 “BJB siap  ngabantu Pemerintah Kota Bogor pikeun nyadiakeun Beus Pariwisata,” ceuk Pimpinan Cabang Bogor BJB,  Dida Herdiana. Bima sorangan negeskeun bakal ngawaskeun proses nyieun Beus Pariwisata Botram, anu diperkirakeun lilana nepi ka 3 bulanna. Sawatara èta Asisten Perekonomian, Pangwangunan jeung Kesejahtraan Rakyat, Toto M. Ulum anu marengan pasamoan èta negeskeun yèn loba anu geus dilaksanakeun ku BJB Cab. Bogor pikeun Pemkot Bogor.
“Partisipasi BJB ka Pemkot Bogor kacida hadèna sarta loba pisan anu geus dilaksanakeun pikeun Pemkot Bogor,”teges Toto. (Ida Rosidah / Lani/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar