Sarebu lima ratus (1500)
budak yatim sa-Kota Bogor, meunang santunan jeung bingkisan ti Asosiasi
Pengusaha Jasa Boga Indonesia cabang Kota Bogor anu gawè bareng jeung TP PKK
Kota Bogor di buruan Balèkota Bogor, Saptu (4/7). Kagiatan dilaksanakeun dina
raraga buka puasa bareng dina Ramadhan ayeuna. Bingkisan dipasrahkeun ku
Walikota Bogor, Bima Arya disarengan ku Ketua PKK Kota Bogor, Yane Ardian
sacara simbolis ka 8 urang barudak yatim. Salian ti Bima jeung Yane, Wakil
Walikota Bogor, Usmar jeung Sekda Kota Bogor, Ade Sarip ogè milu masrahkeun
dibaturan ku istri-istrina. Dina kasempetan èta, Bima umajak ka barudak yatim
sangkan ngajalankeun puasa sabulan pinuh
kalayan jujur, sabab disaksian ku Allah SWT.
“Puasa ngalatih
kajujuran anu bakal jadi modal hidep di mana waè ayana,”sanggem Bima. Sawatara èta.
Ketua Asosiasi Pengusaha Jasa Boga Indonesia (APJI) anu ogè pupuh panata calagara, Dadang Muhidin
negeskeun yèn kagiatan samodèl kitu lumangsung unggal taun.
“Taun kamari aya sarèbu
urang, ayeuna mah Alhamdulillah nambahan jadi 1500 urang,”sanggemna. Pikeun
ngalaksanakeunna, APJI gawè bareng jeung TP PKK Kota Bogor, pikuen ngakoordinir
barudak yatim ti 68 kalurahan, sarta ditambahan ti Yayasan Yatim Mandiri.
“Waragadna meunang
sumbangan ti sponsor, para donatur sarta pangurus APJI,” saurna (Tria/Lani/Dadang
HP)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar