Sabtu, 11 Juli 2015

Cabe Rawit Babagi Kabagyaan di Masjid Al Fatah



Dina raraga ngeusian bulan suci Ramadhan ku kagiatan anu loba mangpaatna pikeun sasama, ustad Jamil Mustopa atawa anu kawèntar ku Mubaligh Cabè Rawit, Jumaah (10/7) kaliwat ngalumangsungkeun buka puasa bareng bari ngabagikeun santunan ka barudak yatim jeung kaum dhuafa di Masjid Al Fatah, Kampung Sindangsari Kalurahan Bondongan Kacamatan Bogor Selatan. Sakurangna aya 250 urang budak yatim jeung kaum dhuafa anu datang ti sababaraha kalurahan, diantaran Kal.Bondongan, Empang, Cikaret, Mulyaharja Kac. Bogor Selatan, malah ti Desa Citapen Kacamatan Caringin Kabupaten Bogor ogè aya. Numutkeun Ustad Jamil Mustopa, kagiatan samodèl kitu geus lumangsung salila 12 taun, tapi tempatna nguriling teu di satempat. “Taun samèmèhna di wewengkon BNR sarta Jumaah payun, insya Allah di salah sahiji masjid di kalurahan Cikarèt,” sanggemna. Tètèla babagi ka kaum yatim tèh lain ngan saukur dina bulan puasa wungkul, tapi unggal Jumaah, santunan dina poè Jumaah, dibagikeun samèmèh shalat Jumaah dimimitian. Sedengkeun pikeun waragadna meunang panyumbang ti pihak-pihak anu malirè ka barudak yatim diantarana TNI, Polri sarta kolegana di sababaraha tempat.
“Insya mun aya umur sarta pareng aya rejekina, taun hareup mah hoyong langkung seueur tibatan ayeuna,”sanggem Ustad. Dina kasempetan èta, aya ogè wawakil ti Pemkot Bogor, Korem, Garuda 315 Kujang,  Polsek Bogor Selatan, inohong agama sarta masarakat satempat. (Dadang HP)  


Tidak ada komentar:

Posting Komentar