Kamis, 02 Juli 2015

Tujuh Puluh Lima Lansia Miskin Meunang Paket Sembako




Tujuh puluh lima urang lanjut usia (Lansia) miskin sa-Kota Bogor  binaan Dinas Tenaga Kerja Sosial jeung  Transmigrasi (Disnakersostran) Kota Bogor, meunang paket sembako anu eusina bèas, tipung tarigu, gula, minyak gorèng jeung kabutuhan pokok lianna di aula Disnakersostran Kota Bogor, Kemis (2/7). Pakèt sembako ieu dipasrahkeun langsung ku Walikota Bogor, Bima Arya disaksikeun Ku Kadisnakersostran, Anas R. Rasmana, Camat Bogor Tengah, Rahmawati, Camat Bogor Timur, Sujatmiko sarta para pangaping program keluarga harapan (PKH) ti kalurahan. Numutkeun Bima Arya, dirina ngarasa bagya kana ayana pangbagian èta, tapi bakal leuwih ngagumbirakeun deui lamun dipasrahkeun langsung ka imahna sèwang-sèwangan. Kusabab salian ti bisa silaturahim dina babagina sarta bisa ngalongok pikeun nganyahokeun kaayaan anu sabenerna.
“Insya Allah taun payun mah Walikota bakal nyumpingan bapa sareng ibu sadayana. Sabab aya kirang pantes anu sepuh nyumpingan anu aranom,”ceuk Bima. Sawatara èta, Kepala Dinas Tenaga Kerja Sosial  jeung Transmigrasi Kota Bogor, Anas S Rasmana, negeskeun yèn kagiatan anu dilaksanakeun mangrupa salah sahiji program gawèna dina raraga ngurangan panyandang masalah kesehjahteraan sosial (PMKS) di Kota Bogor.
“Aya genep golongan PMKS salah sahijina anu parantos sarepuh kawas anu aya di dieu,”sanggeman. Ceuk Anag, Program babagi ieu geus dimimtian ti taun sarta  dina unggal taunna nu narimana terus nambahan. Taun ayeuna aya 75 urang  sarta taun hareup sakurangna jadi 100 urang. (Tria/Lani/Ridwan/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar