Keluarga Muslim Bogor (KMB) nutup
kagitan Safari Ramadhan 1436 H, ku jalan
masrahkeun santunan zakat jeung hadiah
baju muslim ka 300 anak yatim Kota Bogor
di dua tempat nyaèta Masjid Jami Al Ihklas Jl. Swadaya Kalurahan Semplak
Kecamatan Bogor Barat sarta Musholla Al Aziz di Warung Jambu Kalurahan
Bantarjati Kec. Bogor Utara, teu jauh di secretariat KMB. Kagiatan Safari
Ramadhan di 25 masjid di Kota Bogor ieu, hasil gawè bareng jeung Yayasan Red
Crescent Uni Emirat Arab. Balukar ku
kamacètan anu kacida rohakana, Walikota Bogor kapaksa kudu datang diboncèng
dina motor bogana Satpol PP Kota Bogor. Dina kasempetan èta, Bima masrahkeun
kalayan santunan zakat jeung bingkisan ka 10 urang barudak yatim kalayan
simbolis. Inyana ogè mere suntikan sumanget ka barudak yatim anu hadir sangkan
henteu putus pangharepan, pasrha kana kaayaan, bari tetep ibadah sarta
ngado’akeun kolot-kolotna anu geus taya dikieuna. Sawatara èta, Koordinator
Keluarga Muslim Bogor Rusli Saimun nètèlakeun yèn Safari Ramadan anu
dilaksanakeun ka 25 masjid ngawengku 6 Kacamatan. Tujuan tina kagoatan èta,
ceuk Rusli, salahsahiji mantuan Pemkot Bogor pikeun ngahampangkeun bangbaluh
sosial sangkan masarakat Bogor kahareupna raharja.
"KMB mibanda barudak yatim binaan anu
jumlahna 600 urang, sumebar di 6 kacamatan,”ceuk Rusli, sarta geus lumangsung
salila 8 taun.(Muhammad Iqbal Saputra/dhp)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar