Pikeun ngariksa
jeung ngawaskeun realisasi kagiatan, kamajuan smart
city jeung persiapan nyieun Peraturan
Daerah (Perda), Walikota Bogor Bima Arya ngadeugdeug Kantor Komunikasi
dan Informatika (Kominfo) Kota Bogor, Salasa (30/6). Bima ditarima ku Kepala Kantor Kominfo Kota Bogor Asep Zaenal
Rahmat anu dibarengan ku sakumna Kabid
jeung Kasubid. Dina kasempetan
èta Bima nètèlakeun yèn data anu ditarima dina kagiatan munggaran sarta
kanyataan anggaran kakara ngahontal 12%. Kudu ditalungtik naon panyababna, naha
kagiatan ieu gagal, lelangna teu jalan atawa naon panyababna.
Bima ogè meredih ka Kominfo
sangkan ngamaksimalkeun koneksivitas cctv anu geus kapasang di sababaraha lokasi, hususna di sabudeureun Stasiun
Bogor, ngarah bisa diawaskeun di rohangan Bogor Green Room (BGR). Sawatara èta,
Kepala Kominfo Kota Bogor, Asep Zaenal ngajelaskeun yèn nepi ka wangkid ayeuna Kominfo
Kota Bogor keur ngagarap Eksotik nyaèta dashboard pamarèntah anu eusina
indikator ekonomi, sosial sarta politik ku jalan nyadiakeun data informasi
kalayan tepat waktu jeung bener.
“Ngaliwatan media
visualisasi data ieu pingpinan daèrag bisa netepkeun kawijakan diantarana
patali jeung harga bahan pokok di pasaran,” ceuk Asep. Sawatara èta, ngeunaan panetepan hasil lelang taun ayeuna
geus bisa dilaksanakeun. Pasualan lainna anu disawalakeun nyaèta rancangan Peraturan
Daerah (Perda) ngeunaan Jaringan Telekomunikasi. Perda ieu èngkèna
bisa ngarapihkeun jaringan di wewengkon Kota Bogor. (Cikal – magang/Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar