Kamis, 18 Juni 2015

Internet Kota Bogor Sacepetna Jadi 4 G



Smart Indonesia Initiatives (SII)  gawè bareng jeung Pamarèntah Kota Bogor ngalaksanakeun Workshop  katilu kalina kalayan temana  Smart Community For Smart City, di Balaèkota, Salasa (16/6). Anu jadi panyatur koncina nyaèta Menteri Komunikasi jeung  Informasi Republik Indonesia, Rudiantara. Numutkeun Rudiantara, pamahaman  Smart City mangrupa  panglayanan anu disadiakeun pamarèntah kota ka masakaratna.
“Panglayan èta bisa mangrupa informasi atawa nu liaan anu ngagunakeun teknologi informasi.  Sakurangna aua dua sistim anu diterapkeun pamarèntah dina ngamangpaatkeun Informasi teknologo nyaèta ngariksa kaayaan di lapangan sarta ngarojong kamekaran kagiatan usaha jeung kagiatan masarakat,”saurna. Dipertèlakeun ku inyana, Kota Bogor salaku panyangga ibu kota, geus ngamangpaatkan IT dina ngariksa kaayaan lalulintas, hususna kamacètan dina ahir minggu.
 “Unggal pikiran jalma anu rèk daratang ka Kota Kota Bogor anu pangheulana kaimpleng ngeunaan kamacètan. Ieu mangrupa panyakit utama di Kota Bogor.Kusabab kitu kayaan lalulintas di Kota Bogor perlu pisan diperhatikeun ku ngamangpaatkeun teknologi,”tegesna. Pikeun Kota Bogor sorangan dina bulan November anu bakal datang bakal ditarèkahan panglayanan internet 4G. (Tria/Rahmat/Agus/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar