Pemerintah Kota
Bogor melalui Dinas Perindustrian jeung
Perdagangan (Disperindag) Kota Bogor
keur remen ngawaskeun kadaharan anu dijual di Bogor salila bulan
Romadhon. Dines ieu gawè bareng jeyng
dines sèjènna kaasup Dines Kesehatan terus ngawaskeun kadaharan anu ngandung
zat kimia anu ngabahayakeun. Sedengkeun Dines Pertanian sayaga dina ngariksa
kadaharan anu ngakandung unsur
hewani sarta nabati ngabahayakeun. Tujuanna sangkan
kaamanan warga dina barang dahar kajamin. Kepala Bidang Perdagangan Disperindag
Kota Bogor, Sinaga sawaktu wawancara di RSPD Sipatahunan dina acara Kontak
Djuanda10, negeskeun yèn dirina daria pisan dina ngawaskeun padagang anu
bandel, komo deui dina bulan Ramadhan ayeuna.
| M.Sinaga |
“Dines ampir unggal
poè ngecek harga, sangkan ulah aya anu nèangan kasempetan dina kasempitan.
Pasualan ieu pikeun kapentingan padagang
jeung nu mareulina,”sangge, Sinaga. Di Lapangan, ceuk Sinaga, loba kènèh anu
ngajual barang-barang atawa kadaharan anu waktuna geus bèak atawa kadaluarsa.
Pikeun èta, sakurangna 3 kali dina sataunna, pihak Disperindag ngalaksanakeun
sosialisasi ka masakat sangkan jadi konsumen anu pinter dina milih barang anu rèk
dibeulina. Patali jeung èta. sanggem
inyana, pagawè Disperindag bakal ngawaskeun 7 pasar anu aya, sarta mun
manggihan padagang anu bandel bakal dihukuman ti mimiti panghasilan nepi ka
padagang ku ancaman 2 tahun panjara atawa denda Rp 5 milyar.
“Pikeun nedunan pamènta
masarakat bakal diayakeun pasar murah dina tanggal 8-9 Juli nu bakal datang di di
Bakorwil Jl. Juanda Kota Bogor.(rahmat/mor/Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar