Sabtu, 27 Juni 2015

ILUNI SMPN 1 Kota Bogor, Ngabungahkeun Barudak Yatim





Ikatan Alumni Sekolah Menengah Pertama (SMP) Negeri 1 Kota Bogor  ngalumangsungkeun  bakti sosi ku jalan babagi ka barudak yatim di Café jeung Resto Gumati, Jl. Paledang Jumaah kaliwat. Kagiatan ieu disasmitaan ku ”Berbagi kasih menabung amal  jeung  hidup manfaat”. Pangurus  ILUNI SMP Negeri 1 Kota Bogor angkatan 86, Des Afrina negeskeun yèn kagiatan babagi ka barudak yatim ieu dibagi jadi tilu bagian, pikeun anu munggaran lobana 165 paket anu kadua 135 paket. Pikeun anu katilu bakal disaluyukeun jeung waragad anu asup.
“ Alhamdulillah nepi ka nu kadua ieu geus aya 300 paket,”tegesna. Dipertètèlakeun ku inyana, babagi ka barudak yatim èta, lain ngan saukur dina bulan Ramadan wungkul, dina bulan sèjèn ogè remen, sakurangna unggal 3 bulan. Sawatara èta, Walikota Bogor, Bima Arya anu ngaluuhan kagiatan èta negeskeun kacida reueusna sarta miharep terus dilaksanakeun kahareupna. Kagiatan samodèl kitu, ceuk Bima, pastina leuwih loba mangpaatna tibatan ngebut di jalan, nyeungeut petasan jeung curat-corèt dina tèmbok. Inyana ogè ngadu’akeun ka barudak yatim anu aya di dinya, sangkan jadi jalma anu mibanda ahlak anu hade tur dipaparin kakuatan dina ngahontal cita-citana. (Met/Gus/Dadang HP)  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar