Sabtu, 20 Juni 2015

Pemkot Bogor Mahing Kagiatan Sahur di Jalan



Larangan kagiatan Sahur On The Road (SOTR), atawa saur di tengah jalan anu dikaluarkeun ku Pemkot Bogor, tètèla meunang pangbagèa anu kawilang hade ti barudak sakola di Kota Bogor. Mangsa ngadeugdeug sababaraha sakola, Bima negeskeun ka sakabèh budak sakola teu meunang ngalaksanakeun SOTR. Sabab, salian ti ngaganggu ku cara ngararebut ogè dibarengan ku cocorètan atawa vandalisme. Nu ngarojong kana kawijakan Bima ieu,  salah sahijina ti Arum M, murid SMA di Kota Bogor. Ceuk Arum sanajan dirina teu pernah miluan kagiatan èta di taun-taun samèmèhna , tapi dumasar panitènan dirina , SOTR loba disalahgunakeun.
 “Niatan sih bener, babagi ka sasama, tapi dina prakna loba mobil anu konvoy, sarta mencèt klakson sangareunahna tur sora knalpotna pabedas-bedas. Geus pasti ngaganggu ka kandaraan sèjènna anu aya di jalan,”pokna daria.  Salian ti èta lamun dua rombongan SOTR papanggih di jalan, dihariwangkeun bakal aya tawuran, kadituna matak aya korban.
“Nalingakeun kajadian samodèl kitu geus pasti kolotna bakal hariwang. Jadi ceuk kuring mah anu dilaksanakeu ku Pemkot Bogor, mahing saur di tengah jalan kawilang alus, tur kudu dirojong ku sarèrèa,”tegesna.   Sawatara èta Kepala SMA Negeri 6 Kota Bogor, Maman Suherman, M.Pd, negeskeun kacida satujuna kana kawijakan Walikota Bogor, Bima Arya anu mahing SOTR.
“Sim kuring geus nepikeun ka barudak sakola anu aya di SMA Negeri 6 ngeunaan hal èta,”sanggem Maman.  Hal anu sarua ditegeskeun ku Kepala SMK Negeri 3 Bogor, Uus Sukmara. Inyana ogè ngaku geus nepikeun kawijakan ieu ka sakabèh muridna. Pikeun ngandelan kaimanan salila bulan suci Ramadan, sakuman murid SMK Negeri 3, diwajibkeun milu kagiatan di lemburna, ti mimiti tadarus, tarawèh  nepi ka  kultum.
“Maranèhna diwajibkeun nyieun laporan, hasilna dipasrahkeun ka guru Pendidikan Agama Islam sarta bakal dijadikeun catetan dina mata pangajaran PAI,” sanggemna.
 (Rijal/Tria/Gus/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar