Masih dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533 dina 3 Juni 2015,
Pemkot Bogor anu diwakilan ku Dinas Kependudukan jeung Catatan Sipil ngabagikeun KTP haratis ka 51 urang warga Kota Bogor, anu lahir dina tanggal 3
Juni 2015 anu umurna 17 taun. Hal èta
ditegeskeun Kepala Bidang Kependudukan Dukcapil Agus Suparman. Masarakat anu
narima KTP elektronik gratis ieu, sumebar di 6 Kacamatan sarta diantarana aya
dua urang murid SMA Negeri 6, anu narima langsung ti Walikota Bogor, Rebo
(3/6). Dua urang anu narima KTP munggaran ieu nyaèta Rangga jeung Sofrin. Mangsa ditanya ku Bima, Rangga
ngajawab yèn dirina bakal diajar kalayan
daria sarta hayang ngabagyakeun indung bapana. Ngadèngè jawaban kitu Bima ngarasa
reueus jeung bagya, kusabab niat èta
kacida alusna. Satuluyna Rangga dipakèan totopong ku Walikota Bogor. Dina
kasempetan èta, Bima ogè mere patanyaan ngeunaan tanggal 3 Juni anu ditetepkeun
jadi poè jadi Bogor, sarta nawaran dahar dimana waè lamun bisa ngajawab kalayan
bener. Tètèla anu bisa ngajawab ngan saukur Nabila Fathia Putri, murid kelas X.
“Kusabab bisa ngajawab, bisa dahar di
mana waè saluyu jeung kahayangna bari dibaturan ku dua urang babaturanna jeung
saurang guru,” sanggem Bima. ( Tria/ Lani /Ida Rosidah/Dadang HP )
![]() |
Kabid Kependudukan Agus Suparman |


Tidak ada komentar:
Posting Komentar