Pikeun ngarojong program Bogoh ka Bogorna Walikota sarta Bogoh
ka Bogor anu ditaratas ku Kepala Dinas Pendidikan, Edgar Suratman, kagiatan
Isro Mi’raj Nabi Miuhammad SAW anu
dilaksanakeun di SD Negeri Cipaku 4
Kacamatan Bogor Selatan, Senen (1/6) ngahaja ngagunakeun basa Sunda. Numutkeun
Kepala SD Negeri Cipaku 4, Mohamad Wahyu, pihakna ngahaja ngagunakeun basa
Sunda, kusabab ampir sabagѐan gedѐ muridna teu barisaeun basa Sunda.
“Lamun teu
dibiasakeun ti bubudak geus pasti kahareupna bakal leuwih hѐsѐ, sarta lamun
lain ti ayeuna iraha deui,”pokna ka WBS. Program ieu salutyu jeung program
Walikota Bogoh ka Bogor, sarta Ngabogorna Dines Pendidikan dina widang budaya.
Lain ngan saukur bѐantara kepala sakolana wungkul, ti mimiti panata acara (MC),
pangbagѐa pupuhu panitia, Iyet, dalah nu
masihan wejangan atawa tausiahna ogѐ ngahaja ngogan Mama Arief Hidayat, ahli ngadongѐng dina basa
Sunda anu geu teu bireuk deui. Inyana
negeskeun yѐn dina busaya Sunda lamun dititѐnan kalayan daria, loba pisan
ajaran-ajaran anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoѐ. Kecap nѐmbalan kah
pikeun awѐwѐ sarta kulan pikeun lalaki,
samggemna, salah sahiji pangwujudan tina ajaran agama Islam.
“Lamun dititѐnan
kulan jeung kah, lѐntongna geus pasti lemes, sarta sora anu nѐmbalan geus pasti
moal leuwih bedas tibaran nu ngageroan. Palebah dinya saluyu jeung ajaran Islam
anu ngajarleun yѐn teu meunang dibedaskeun sora anjeun mangsa ngobrol jeung nu
leuwih kolot, komo jeung indung bapa mah,”pokna daria. Sawatara dina kasempetan
ѐta Ki Haji Arief ngajelaskeun perjalanan Isro Kangjeng Rosul Nabi Muhammad dina Isro jeung Mi’raj.
“Ukur mantenna anu
kapilih ku Allah SWT pikeun ngajalankeun kajadian ѐta, hasilna parѐntah shalat
anu lima waktu,”saur Mama Arief. (Dadang HP)
![]() |
Kepala SDN Cipaku 4, Moh. Wahyu |







Tidak ada komentar:
Posting Komentar