Walikota Bogor Bima Arya babarengan jeung unsur Muspida sarta Sekda Kota Bogor, ngadeudeug Pasar Bogor, pikeun ngariksakeun sasadian sembako. Dina inspeksi ngadadak (sidak) Bima nanyakeun harga daging sapi jeung hayam ka Endang Gepeng salah saurang padagang anu aya èta pasar.
“Insya Allah, sasadiaan
daging sapi aman, sarta harga sakilona Rp 110 rèbu,”jawab Endang basa ditanya
ku Bima. Sedengkeun H. Feri anu dagang daging hayam, negeskeun yèn sasadiaan
daging hayam salila bulan puasa kawilang loba, tur hargana ogè masih Rp 32 rèbu
sakilona. Sedengkeun harga bèas, ceuk padagangna, Ahmad, ngalaman naèk gedèna
Rp 200 sakilona. Sawatara harga bungbu-bungbuna, diantarana cabè, hargana masih
normal. Numutkeun Bima, kanaèkan sababaraha jinis kadaharan kayaning daging
sapi, daging hayam jeung cabè,
disababkeun ku lobana pamakèan dina bulan Ramadan.
“Hahargaan sakabèhna mah
masih kènèh normal tur aya dina wates kawajaran,”tegesna. Pikeun sasadiaan bèas
masih kènèh kawilang aman, sarta bakal marèntahkeun Disperindag Kota Bogor
pikeun ngawaskeun sasadiaan jeung kanaèkan hargana. Sanggem Bima, sakurangna aya 3 hal anu penting
anu dibutuhkeun masarakat salila bulan puasa nyaèta harga di pasar, jalur distribusi
jeung sadian barang.
“Ulah wani-wani ngamaènkeun
harga jeung sasadiaan kabutuhan masarakat, sabab bakal keuna hukuman anu lilana
5 taun penjara atawa dengda gedèna Rp 50 milyar,’teges Bima. (rahmat/rijal/agus/dadang
hp

Tidak ada komentar:
Posting Komentar