Kamis, 18 Juni 2015

SatgasBencana Polresta, Sayaga Bahla



Pikeun ngajagaan kayaan Kota Bogor tina maung ngamuk gajah meta atawa bancang pakèwuh, Polres Kota Bogor ngadegkeun satuan tugas (Satgas) ngungkulan korban bencana jeung  kacalakaan lalu lintas. Sayagana pasukan ieu, katèmbong mangsa gelar  pasukan  apel  siaga di buruan Polresta Kota Bogor, di Kedunghalang, Selasa (16/6). Gelar  apel sayaga  ieu dipingpin ku Inspektur Upacara Kompos Satya Widhy tur disaksian ku rèngrèngan Muspida Kota Bogor, diantarana Sekda Ade Syarip Hidayat.
Kapolresta Bogor AKBP  Irsan anu diwakilan ku Kompol Satya Widhy nètèlakeun bahla anu lumangsung di lemah cai, boah anu asalna ti alam jeung paripolah manusa salian ti ngancem ogè ngaganggu kagiatan manusa sabab ngabalukarkeun korban jiwa, karusakkan lingkungan, karugian harta banda sarta psikologis.
“Kukituna dina ngeusian 100 poè gawèna,  Kapolri geus ngawujudkeun satuan tugas husus di Mabes, Polda jeung Polres anu tugasna ngungkulan korban boh alam atawa kacilakaan lalulintas,”tegesna. Dijelaskeun ku Satya Widhy, anggota satgas bencana alam jeung kecelakaan, kudu mibanda kamampuan SAR, P3K sarta bisa gawè bareng tim lianna, ogè bisa ngabina masarakat. (Lani/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar