Jumat, 05 Juni 2015

Milangkala Bogor ka 533 Camat Tanah Sareal Nganteurkeun Langsung KTP Wargana




Kaayaan di imah kulawarga pasangan Nurlaila Effedi  jeung  Sunarwidi di Gang Menteng RT 03 RW 02 Kalurahan Kencana Kecamatan Tanah Sareal  Kota Bogor, Rebo (3/6/2015) ngadadak ramè ku tamu undangan, kaasup aparat Kalurahan sarta Kacamatan. Di buruan imahna, nyampak  tenda jeung korsi pikeun ramu undangan. Tètèla di imah kulawarga èta keur ngareuah-reuah milangkala anakna, Angga Fadillah anu umurna nincak 17 taun dina poè èta, marengan jeung milangkala Bogor anu ka 533. Mangsa keur mièling milangkalna, Angga ngarasa reuwas sabab meunang KTP munggaran anu dianteurkeun langsung ku Camat Tanah Sareal, Taufik dibarengan Lurah Kencana, Syafei R. 
“ Ieu kado anu kacida istimèwana pikeun diri kuring mangsa nincak umur 17 taun, tangtuna moal bakal kapopohokeun saumur hirup,”ceuk Angga.  Murid SMA Negeri 7 jurusan IPA kelas 11 ini ngaku kacida bagyana nampa KTP ti Camat jeung Lurah Kencana. Inyana ogè nètèlakeun teu kudu jauh-jauh ngurus  KTP ka Kantor Dinas Kependudukan  jeung  Pencatatan Sipil. Sawatara èta  indungna  Nurlaila, ngaku teu nyangka sacongo buuk ogè bakal meunang hadiah istimèwa  mangsa anakna nincak umur 17 taun dina  poè Rebo èta. Sawatara èta Camat Tanah Sareal, Taufik negeskeun pamasrahan KTP langsung KTP anu milangkalana sarua jeung milangkala Bogor aya 10 urang, sarta sakabèhna dianteurkeun ka imahna sèwang-sèwangan. Inyana ogè negeskeun yèn KTP mangrupa bagèan palayanan dasar sarta wajib dibikeun ku  Pamarèntah Kota Bogor. Sakurangna aya tilu palayanan dasar nyaèta widang kependudukan diantarnya KTP, pendidikan  jeung kasèhatan. (ISO/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar