Sabtu, 20 Juni 2015

RPH Kota Bogor Pangalusna sa-Indonesia



Direktur Jenderal Kesehatan Masyarakat Veteriner jeung  Pascapanen, Kementrian Pertanian, Ahmad Junaedi, negeskeun yèn Rumah Potong Hewan (RPH)  Kota Bogor anu mangrupakeun RPH kelas I pangalusna sa-Indonesia, kusabab geus mibanda juliha atawa juru sembelih halal. Hal itu ditepikeun Ahmad, mangsa aya kagiatan
awareness ASUH (Aman Sehat Utuh sarta  Halal) nu lumangsung di Balèkota Bogor sababaraha waktu kaliwat.  Sawatara èta Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman anu jadi salah saurang panyatur negeskeun masarakat Bogor penting pisan bisa milih daging di pasar kalayan pinter pikeun asupan anu alus, ulah nepi kagoda ku harga murah tapi henteu sèhat.
“Pikeun èta Pemkot Bogor geus nerapkeun lèngkah-lèngkah anu kawilang hade, sangkan masarakat meunang daging anu sèhat, halal, jeung aman, hususna dina bulan puasa,”ceuk Usmar. (Ida Rosidah/Lani)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar