Jumat, 05 Juni 2015

Mieling HJB Gaya Dinkes Kota Bogor



Mièling milangkala Bogor anu ka 533, Dinas Kesehatan Kota Bogor, ngalumangsungkeun sosialisasi Perilaku Hidup Bersih  jeung Sehat di Lapangan Sempur Kacamatan Bogor Tengah ku jalan senam babarengan, panyuluhan  jeung  pamariksaan status iizi, HIV  sarta  konseling ngeureunan ngaroko.  Numutkeun Kepala Bidang PKM Dinkes Kota Bogor,  Dr. Ratna Junita  anu dibarengan ku Kepala Seksi Promkes Nia Kuniasih, kagiatan ieu dilaksanakeun kujalan gawè bareng jeung Puskesmas Sempur, Fema IPB, Kelurahan sarta  Instruktur Senam, Sabtu  kaliwat. Nu miluan dina kagiatan ieu, sakurangna aya 250 urang. Salian di Lapangan Sempur, Dines Kasehatan ogè umajak ka LSM No Tobbaco, AMAR jeung komunitas sèjènna ngalaksanakeun kampanyeu aimpatik ngajak masarakat sangkan ngajauhan bako. Kampanyeu mimiti dilaksanakeun di Tugu Kujang sarta diteruskeun ka pawai ngaliwatan Jalan Otista saterusna ka Balèkota Bogor di Jl. Ir. H. Juanda No. 10.
Salila nikreuh ti Tugu Kujang anu pawèy mawa spanduk anu tulisanna Say No Tobbaco, Anti merokok baii umajak ka masarakat sangkan  eureun ngaroko. (Tria/Lani/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar