Pikeun ngareuah-reuah milangkala Bogor anu ka 533, sakurangan 600 urang murid SD Negeri Julang bari dipakèan kampret, totopong jeung kabaya, ngabring bari mawa payung Saptu (30/5) kaliwat. Barudak sakola ieu ngalaksanakeun pawèy anu jauhna kurang leuwih sakilo meter, ti mimiti Jalan Julang, Jalak sarta balik deui ka Jalan Julang. Kepala SD Negeri Julang, Indah negeskeun yèn kagiatan èta ngahaja diayakeun sangkan barudak nyahoeun yèn poè jadi Bogor tèh tanggal 3 Juni. Salian ti èta, barudak SDN Julang ti mimiti kelas 1 nepi ka kelas 6, disina mawa payung sarta nuliskeun HJB 533 dina payungna sèwang-sèwangan..
“Payung-payung ieu saterusna dipasang di
buruan sarta di sabudeureun sakola,”tegesna. Lain ngan semet ka dinya wungkul, Marching Band sakolana ogè minton dina acara
pangbukaan Bogor Expo di GOR
Pajajaran. Patali jeung milangkala
Bogor, inyana ogè umajak ka murid-muridna, sangkan Bogor ka Bogor ku cara
ngajaga kabersihan sarta teu miceun runtah sambarangan jeung kudu pinter.
(Tria/Lani/Dadang HP)



Tidak ada komentar:
Posting Komentar