Mangpuluh-puluh
patugas Satpol PP jeung Kominfo Kota Bogor, deui ngalaksanakeun
pangbinaan jeung pangawasan kana sumebarna VCD sarta DVD illegal anu masih aya di puseu-puseur
pangbalanjaan, salah sahijina di Plaza Jambu Dua.
Kepala Seksi
Postel jeung Informasi Publik Kominfo Kota Bogor Sugeng anu
mingpin kagiatan èta negeskeun yèn lèngkah
èta anu dilaksanakeun ngan saukur umajak boh ka padagang atawa nu mareuli
sangkan henteu ngajual sarta meuli CD,
VCD jeung DVD anu bajakan. Inyana ogè
negeskeun kagiatan pangawasan jeung pangbinaan ieu bakal lumangsung unggal
bulan.
“Dina bulan Juni
ayeuna sakurangna geus tilu kali ngalaksanakeun kagiatan samodèl kieu, tapi
tempatna bèda-bèda,”saurna. Inyana ogè nètèlakeun dina bulan Julia nu bakal
datang, sakurangna aya 10 titik anu rèk diawaskeun jeung dibina. Sugeng miharep
ku ayana pangawasan jeung pangbinaan bakal ngurangan sumebarna barang-barang
bajakan. Lèngkah anu bakal dilaksanakeun ti mimiti nyita CD anu hargana murah
pisan, sarta meredih ka masarakat sangkan
meuli anu asli. (Tria/Lani/Dadang HP


Tidak ada komentar:
Posting Komentar