Sabtu, 27 Juni 2015

Ade Sarip Ngarojong Pramuka ka Jambore Internasional




Sekretaris Daerah Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat negeskeun kacida ngarojongna miangna 6 murid Kota Bogor anu bakal miluan Jambore Internasional, di Kirara-Hama, Yamaguchi, Jepang, Juli nu bakal datang. Rojongan Ade ieyu ditepikeun mangsa ngaistrènan pngurus antar waktu Pramuka Kota Bogor, di Sekretariat Kwarcab Pramuka Kota Bogor, Jl. Papandayan, Kelurahan Bogor Tengah, Rabu, (24/6). Numutkeun Ade anu ogè Ketua Kwarcab Kota Bogor,  yèn Jambore Interrnasional bosa dimamgpaatkeun pikeun ngawanohkeun Kota Bogor di tingkat Internasional.
“Maranèhna bisa ngajelaskeun yèn Kota Bogor mangrupakeun tujuan wisata anu kacida narik ati,”pokna daria. Inyana ogè jangji bakal manggihkeun para Pramuka èta jeun Walikota Bogor pikeun meunang pangdedel, sangkan siap pikeun ngajomantarakeun Kota Bogor. Genep urang anu bakal miluan Jambore Internasional ieu diantaran 4 urang ti  SMAN 1  sarta  dua urang deui ti SMPN 1 Bogor.  Maranèhna bakal  jadi wawakil Kota Bogor dina 23rd World Scout Jamboree di Kirara-hama, Yamaguchi, Jepang, dina  28 Juli- 8 Agustus. Numutkeun  Endang Sumantri anu bakal marengan para Pramuka ieu, samèmèhna bakal meunang pangbekelan di Cibubur dina 13-15 Juli. Indonesia sorang, ceuk Endang bakal ngirimkeun kurang leuwih 400 nepi ka 500 pramuka  anu kawengku penggalang, penegak, pandega sarta  Pembina.  Gerakan Pramuka Kota Bogor sorangan meunang panghargaan pinunjul ka 3, minangka Kwarcab Panggiatna ti Kwarda Jawa Barat. (Rijal/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar