Sakurangan hiji imah runtuh , sarta
welasan nu sèjènna ruksak beurat, mangsa aya angin puyuh narajang wewengkon
Kalurahan Kencana Kacamatan Tanah Sareal Kota Bogor, Rebo (3/6). Imah anu
karuntuhan tangkal ieu bogana Manta (50)
warga RT 03 RW 06 Kelurahan Kencana anu pernahna di sabudeureun kebon warga,
katinggang tangkal rambutan. Sanajan kitu, kajadian ieu teu nyababkeun ayana korban
jiwa, tapi korban ngarandapan karugian
nepi ka mangpuluh-puluh juta. Ceuk Manta
mangsa imahna katinggang tangkal, dirina jeung kulawarga keur nyingkur di imah
tatangga, sabab hujan gedè pisan, sawatara kaayaan imahna geus amoh.
“Kurang leuwih jam satengah tujuh
peuting teu sakara-kara angin kacida gedèna, tangkal rambutan anu aya di
hareupeun imah kuring runtuh sarta ninggang imah kuring,”sanggemna. Kajadian
ieu langsung dilaporkeun ka Lurah Kancana Syafei, anu saterusna Kasi Trantribna Iyan Sopyan ngabèjaan Tim Tagana
(Taruna Siaga Bencana) jeung Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kota
Bogor. Teu kungsi lila kurang leuwih tabuh 21.00 WIB, Tagana jeung BPBD geus datang
ka lokasi kajadian. Numutkeun Lurah Syafei, dirina geus ,marèntahkeun ka RT jeung RW pikeun ngajakan wargana ngalaksanakeun
gotong royong ngabèrèskeun imah anu urug, Salian ti imah Manta, aya 13 imah
warga sèjènna anu ruksak di tilu RW nyaèta RW 06, RW 05 jeung RW 03 ngalaman karuksakan. Tim Tagana anu
datang ka tempat kajadian mere bantuan natura mangrupa kadaharan simbut jeung nu lianna.
Bantuan èta dipasrahkeun ku Ujiani Salah
sahiji Kasi di Tenaga Kerja, Sosial jeung Transmigrasi (Disnakersostrans) Kota Bogor.
(ISO/DADANG HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar