Senin, 15 Juni 2015

Untung Kota Bogor mah Boga Kebon Raya Bogor


Prof.Daniel Mutdiyarso, Deputi Kementrian Lingkungan Hidup anu ogè pernah meu nang nobel perdamaian tahun 2007, negeskeun yèn Kota Bogor kacida bagyana mibanda Kebon Raya Bogor anu bisa nyerep panas gedèna nepi ka 600 watt meter pasagi atawa 70 persènna anu dihasilkeun ku panas kota. Panas kota ieu disababkeun ku lobana wangunan jeung gedong-gedong kaca anu ngabalakurkeun panas global. Hal èta ditegeskeun ku Daniel mangsa jadi panyatur pangbuka dina pasamoan Informal Kepala Daerah Untuk Pembangunan Berkelanjutan di Green Garden Cafe KBR Senèn (15/6). Sabagèan gedè tatangkalan di Kebon Raya, sanggeman, bisa nyerep tur ngaluarkeun deui dina wujud cai, sarta satuluyna nyababkeun hujan badag dibarengan angin kenceng museur di Kebon Raya.
“Kiwari Kebon Raya nandangan tekenan anu gedè pisan,”pokna daria. Kukituna, ceuk Daniel kudu loba pedestrian anu asri sarta mibanda rohangan hèjo anu bisa mantuan nyadap emisi ulah nepi ka gedè teuing ka Kebon Raya Bogor. Nu lianna, kudu ngurangan kamacètan anu disababkeun lobana angkot anu eureun sangeunahna, henteu di tempat-tempat anu geus ditangtukeun. (gus/rahmat/ARW/Dadang HP)
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar