Selasa, 23 Juni 2015

Rusunawa Cibuluh Pikeun Warga Kota Bogor



Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman, ngariksakeun pangwangunan rumah susun sewa (Rusunawa) anu rèk nganggeuskeun di Kalurahan Cibuluh Kacamatan Bogor Utara, Selasa (23/6). Usmar anu dibarengan ku Camat Bogor Utara, Asep Kartiwa sarta
 Kakanpora Adi Novan  jeung  Lurah Cibuluh Ateng, dibagèakeun ku Kepala UPTD Rusunawa, Agus sarta rèngrènganna. Wangunan anu kawengku 2 blok ieu, ceuk Usmar, jumlahna aya 198 unit, sabab sa-blok eusina 99 unit. Dijèntrèkeun ku Usmar, Rusunawa Rusunawa Cibuluh anu dihancengkeun pikeun masarakat Bogor kawilang asri, pikabetaheun jeung kudu tetep dirawat.
"Salian ti pikabetaheun, Rusunawa Cibuluh ogè dilengkepan ku fasilitas ekonomi anu bakal dikokolakeun ku wargana,” tegesna. Inyana ogè nètèlakeun yèn pikeun atlit anu meunang medali emas di PORDA Bekasi sarta can boga imah, bakal difasilitasan pikeun nempatan Rusunawa Cibuluh (Tria/Lani/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar