Walikota Bogor, Bima Arya Sugiarto,
negeskeun Pamarèntahan Kota Bogor bakal
merhatikeun sakurangna tilu pasualan salila Ramadan atawa bulan puasa 1436 H,
nyaèta Saur On The Road anu leuwih loba madharatna , nutup tempat hiburan malam
(THM) ti mimiti H-3 nepi ka H +3 lebaran jeung ngariksakeun sasadiaan kadaharan
di pasar-pasar. Hal èta ditegeskeun Bima mangsa pasamoan jeung para wartawan di
salah sahiji rumah makan di Kacamatan Bogor Utara, Kota Bogor, Salasa (16/6).
Ogè Pemkot moal ndizinan “sweeping” anu dilaksanakeun ku Ormas bari jeung
alesanna naon waè. Salian ti èta, Pamarèntah Kota Bogor bakal ngurangan jam gawè
pikeun para PNS tur umajak la masarakat sangkan ngamakmurkeun masjid ku
rupa-rupa kagiatan ibadah salila bulan puasa..
“Pikeun jam gawè PNS salila bulan Ramadan nyaèta asup gawè jam
8.00 isuk sarta kaluarna jam 3.00 sorè,’tegesna. Inyana ogè negeskeun anu
dilaksanakeun ku Pemkot Bogor di luhur, kapentinganna pikeun mere kalaluasaan
jeung kahusuan masarakat dina ngajalankeun ibadah shaum dina bulan suci
Ramadan. Pasamoan ieu ogè diluuhan ku Wakil Walikota Bogor, Usman Hariman sarta
Sekda Ade Sarip Hidayat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar