“Dina
malem takbiran saentas shalat Isya, sakabèh SKPD, hususna DKP salaku
panangggungjawab kabersihan kudu siap ngabersihkeun kota salila sawelas poè
kahareup,”tegesna. Salian ti nyanghareupan kasiapan lebaran, Bima ogè nètèlakeun
yèn pikeun meunangkeun Adipura, salah
sahijina kudu ngokolakeun TPA Galuga ku sanitary
ranfill, teu ngagunakeun deui teknik
open dumping. Inyana meredih sangkan DKP, ngaanggarkeun pangunaan teknologi
kasebut, sangkan TPA Galuga bisa dioptimalkeun.
“Kusabab
TPS Nambo can bisa dipastikeun jeung teu
bisa didagoan,”sanggemna. Bima ogè ngajelaskeun rencana pikeun ngamekarkeun
jeung ngawangun taman-taman anyar di Kota Bogor, kayaning taman ekspresi, Taman
Kencana, Taman Heulang sarta taman-taman
tematik di sababaraha wewengkon di Kota Bogor. (Lani/ Moh.Ridwan/Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar