Kamis, 04 Juni 2015

Mieling HJB di Kalurahan Panaragan

Teu kurang ti 600 urang warga Kalurahan Panaragan Kacamatan Bogor Tengah ti mimiti barudak leutik, rumja nepi ka nu karolotna, miluan jalan sèhat dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533. Kagiatan ieu dimimitian ti buruan kantor kelurahan Panaragan saterusna ngurilingan sababaraha tempat di wewengkon èta.  Lurah Panaragan Rika Riska Riana Dewi anu dibarengan Ketua LPM, Opang anu ogè pupuhu panitia nètèlakeun yèn kagiatan ieu dina raraga mièling HJB ke-533 sakaligus ngaraketkeun tali silaturahim diantara wargana. Nu mariluan dina gerak jalan ieu, tètèla leuwih ti 600 urang, sabab tiket anu lobana 600 lembar bèak kabèh.
“Kagiatan ieu saluan ti dirojong ku RT, RW jeung LPM ogè masarakat sarta anggota DPRD Kota Bogor, Bapa Eka Wardana,”sanggemna. Maranèhanna  nyadiakeun  sakabèh kabutuhan ti mimiti tenda, soundsystem, organ tunggal nepi hadiah jeung hiburanna.  Rika ogè negeskeun yèn para pamilon jalan santèy ieu nepi di tempat nu pamungkas di sekretariat KWB langsung dihibur organ tunggal.
Bari ngadagoan hadiah hiburan sarta pangumuman juara lomba kebersihan antar RW, bisa mariksakeun kasèhatan jeung uubar haratis.
"Pangobatan gratis ieu  sumbangsih anggota DPRD Kota Bogor Eka Wardana  anu gawè bareng jeung Puskesmas Merdeka," pungkasnya. (Tria/Dadang HP)

Lurah Panaragan

Rika Riska Riana Dewi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar