Pikeun mastikeun kasayagaan Damkar
Cibuluh anu ayeuna ngahiji jeung Badan Penanggulangan Bencana Daerah ((BPBD)
Kota Bogor, salila bulan Ramadhan , Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman,
ngalumangsungkeun sidak ka Unit Damkar Cibuluh Kecamatan Bogor Utara, Selasa
(23/6). Salah sahijina pikeun ngantisipasi kasayagaan nyanghareupan usum halodo
anu kawilang rada lila. Usmar anu dibarengan ku Camat Bogor Utara Iwa Kartiwa,
Kakanpora Adi Novan ditarima Kepala BPBD Kota Bogor Ganjar Gunawan jeung rèngrènganna.
Kasayagaan ceuk Usmar lain ngan
saukur patugasna wungkul, tapi ogè pakakas pikeun ngungkulan seuneu, diantarana
kalengkepan mobil sarta parabot anu digunakeun, ti mimiti selang cai, tengki
anu salawasna pinuh ku cai sarta mesin panyemprotna.
"Alhamdulillah sabada dipariksa,
sakabèhna alus sarta siap pikeun digunakeun,”sanggem Usmar. Sakurangna aya 6 armada anu salawasna siap di tilu pos nyaèta di i
Sukasari, Yasmine sarta Cibuluh. (Tria/Lani/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar