Rabu, 17 Juni 2015

Panggunaan Teknologi Informasi, Alusna Diwaragadan APBD



Menteri Komunikasi jeung Informatika Republik Indonesia, Rudiantara negeskeun yèn Salian ti Kota Bogor, aya 20 leuwih  Pamarèntahan Daèrah anu geus ngamangfaatkeun. kusabab di wewengkotaan pakotaan, pangokolaan eusi jeung bèjan leuwih gampang dilaksanakeun. Hal ieu ditepikeun Rudiantara mangsa pasamoan jeung sajumlah wartawan di Balèkota Bogor. Inyana ogè nyontokeun Kota Bogor anu geus mibanda rohangan Bogor Green Room, anu pancènna ngokolakeun bèja-bèja ti Kota anu dasarna teknologi informasi, hususna ngeunaan transportasi.
“Hal ieu saluyu jeung pasualan utama Kota Bogor nyaèta kamacètan lalulintas, tapi rohangan ieu bisa ogè dimangpaatkeun pikeun ngariksa kaayan rumah sakit mangsa jumlah dokter leuwih saeutikdibandingkeun jumlah pasèn anu keur dirawat,”tegesna. Dijèntrèkeun ku Rudiantara, panggunaan teknologi informasi minangku pangrojong kota pinters atawa smart city, modelna rupa-rupa, kaasup anu dikokolakeun pamarèntah daèrah. Anu pangalusna, sabenerna dirojong ku panyadiaan waragad, sarta nu lianna.
 “Lamun diperlukeun kuring bakal mantuan mintonkeun ka DPRD sangkan program ieu diwaragadan tina APBD pikeun sababaraha taun ka hareup,”sanggemna (Tria/Gus/ Ridwan/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar